sumber belajar


 Assalamu'alaikum wr.wb selamat siang semuanya kali ini aku ingin menulis te ntang pembelajaran bahasa sunda,.

 Perkenalkan saya wardatul Musyaropah prodi MPI 3 ingin memenuhi tugas manajemen sumber belajar. Terima kasih

Maka disini saya akan menjekaskan pembelajaran bahasa sunda kelas 10 SMA meneai BAB 1 dan BAB 2 yang ber judul tentang Bintara dan Paguneman.

BAB I 

Biantara



Dina kahirupan sapopoé, urang mindeng ngabandungan nu biantara. Dina rupa-rupa kagiatan éta téh. Aya nu ditepikeun kalawan resmi, aya ogé anu henteu. Biantara téh lain ngan sakadar nepikeun omongan hareupeun balaréa. Malah teu sakabéh jalma bisa biantara kalawan hadé. Éta téh lantaran biantara mikabutuh kaparigelan. Cindekna aya senina. Munasabah mun di batur mah biantara téh sok disebut “art of speech” atawa seni nyarita. Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana rupa-rupa biantara jeung unakanikna. Dipiharep hidep wanoh kana struktur biantara, bisa ngalarapkeun basa Sunda anu merenah dina biantara, apal téhnik nepikeun biantara, sarta antukna bisa prakték biantara hareupeun kelas.

A. Maca Téks Biantara

Ieu aya conto téks biantara. Pék baca!

Assalamu’alaikum wr. wb.

Sampurasun!

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw. Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réh tos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara di payuneun Bapa miwah Ibu, ogé sadérék sadayana. Dupi anu badé didugikeun dina biantara sim kuring téh nyaéta perkara “Pamuda Hébat Anti Narkoba”.


Hadirin hormateun sim kuring.

    Nonoman, atanapi pamuda téh sok disebat generasi emas. Naon pangna disebat kitu? Margi nya pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan ka payun, ngagentos generasi sepuh. Mangga émutan, saupama para pamudana ruksak, bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana?

     Namung hanjakalna, kanyataanana seueur nonoman urang anu geus ruksak méméh anjeunna jadi déwasa. Lir kembang muguran saméméh mekar. Di antara anu jadi sababna, aranjeunna kajiret kana narkoba!

     Numutkeun hasil survéy Badan Narkotika Nasional atanapi BNN, kiwari kacatet aya 921.695 urang, atawa 4,7% jumlah tina total pelajar jeung mahasiswa di Indonésia ngagunakeun narkoba. Padahal urang terang, sakali anjeunna kajiret ku narkoba, bakal hésé ngubaranana. Ku hal éta, taya jalan deui pikeun urang keur leupas tina jiret narkoba, lian ti ngajauhan nu disebut narkoba.

     Nu matak salempang ayana anggapan di lingkungan nonoman urang yén ngagunakeun narkoba téh bagian tina gaya hirup. Ngarasa yén ku cara kitu aranjeunna 'gaol gitcuh lokh’. Padahal nu saéstuna, aranjeunna téh satemenna keur ngaruksak dirina sorangan. 

    Badan Pusat Statistik nyebatkeun yén rata-rata umur urang Indonésia téh 63 taun. Mun dina umur wewelasan atawa dua puluhan taun urang geus kajiret narkoba, hartina urang geus ngamubadirkeun hirup. Leuwihna ti éta, saenyana urang geus ngamubadirkeun kasempetan pikeun milu ngabagjakeun kulawarga, milu ngamajukeun bangsa, sarta milu nanjeurkeun agama. Sabalikna, lamun urang geus kajiret narkoba, teu kurang teu leuwih saenyana urang geus jadi runtah masarakat. 

    Ku hal éta, jelas yén pamuda anu hébat téh nyaéta pamuda anu anti narkoba. Lantaran pamuda anu anti narkoba, saéstuna pamuda anu sadar yén lalampahan hirupna panjang kénéh. Pamuda anu anti narkoba sadar yén dirina boga kasempetan pikeun ngamajukeun bangsana, jeung nanjeurkeun agamana. Pamuda anu anti narkoba, sadar embung jadi runtah masarakat. Pamuda anti narkoba, boga visi anu jelas keur pikahareupeun hirupna.

     Hadirin hormateun sim kuring. 

    Di antara masalah nu disanghareupan ku urang téh nyaéta lobana gogoda ka nonoman nu antukna nonoman urang tigebrus kana narkoba. Di antarana dicontoan ku public figure atawa sélébriti nu ngagunakeun narkoba. Anjeunna siga teu sadar yéh posisi jeung kalakuanana minangka public figure bisa nimbulkeun balukar nu awon ka masarakat. Popularitas jeung harta, saolah-olah nutupan akal séhatna pikeun jauh tina narkoba. 

    Harepan urang taya lian, saha baé, boh institusi nagara boh masarakat biasa, kudu ngalawan usaha-usaha nu bakal ngaruksak nonoman akibat narkoba. Urang kudu perang! Nonoman kudu jadi garda panghareupna pikeun ngalawan bandar jeung nyebarna narkoba. Lantaran mun teu kitu, nonoman anu bakal jadi korban pangheulana! 

    Tuduhkeun, yén urang lain nonoman anu heureut pikir. Lain generasi anu teu boga visi, ogé lain generasi anu prustasi. Urang generasi anu sadar yén hirup kudu dieusi ku pikiran séhat, hirup kudu dieusi ku gawé rancagé, hirup kudu dieusi ku amal soléh, saméméh urang cumpon nyangking pancén jadi manusa di alam dunya minangka mahluk Alloh Swt.

Hayu! Hayu! Hayu! Perangan narkoba!

    Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.

Wassalamu’alaikum wr. wb!.

Biantara nu sifatna Informatif, eusina mere beja, bewara atawa ngawawarkeun nu ciri-cirina nya eta saayana nyata,poksang, jeung jujur.
    Biantara Propogandistis, eusina ngiklankeun atawa mangaruhan sangkan nu ngadengekeun nurut, milu, jeung biluk kana naon-naon nu ditepikeun, ciri-cirina nya eta dumasar dumasar kana kahayang pribadi, rekaannana ngagedur, mangaruhan, tur matak narik ati.
    Biantara anu sifatna Edukatif, eusina teh biasana ngatik tur ngadidik, ciri-cirina nya eta saayana, asup akal, dumasar kana kaelmuan, ngukuhan bebeneran, jeung dana.

Pikeun mere pangajén kana kamampuh atawa kaparigelan nyarita, nu kudu meunang panitén téh ngawengku opat unsur nyaéta:

    Lafal atawa ucapan (kaasup vocal, konsonan, jeung intonasi) ; sora kudu kadenge/eces tembres jelas.
    Tatabasa ; perhatikeun titik koma, tanda tanya, tanda seru, jsb.
    Kabeungharan kecap ; lentong/intonasi basa sing merenah, hade tong pondok tong panjang teuing luyu jeung kabutuhan.
    Paéhat/lancaran cumarita ; puguh entep seureuhna, jelas maksud eusina, sarta ngandung seni orator, babasan, jeung paribasa.

Unsur/runtuyan gede naskah keur Biantara atawa Pidato, diantarana :

  •     Salam, atawa pangwilujeng
  • Kalimah bubuka
  • Mun perlu tepikeun tema atawa judul jejer biantara
  •  Eusi Biantara
  • Kacindekan atawa ringkesan biantara
  •  Kalimah panutup, bisa oge Du’a

    Salam panutup atawa pangwilujeng

    Dina basa Sunda kawilang réa istilah atawa prédikat anu nuduhkeun patalina paripolah nyarita, totondén yén dina hirup kumbuh urang Sunda peta nyarita kungsi jadi ukuran atawa indikator anu kagolong penting pikeun nangtukeun pribadi hiji jalma. Pangpangna upama patalikeun jeung tradisi tata campur gaul basa urang dina mangsa béh ditu.

    Dumasar kana tujuanana nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran, gagasan pamaksadan, rasa, ku cara lisan atawa cara nyarita ka nu lian. Ku cara kitu dipiharep nu lian (nu diajak nyarita) atawa nu ngabandungan bisa ngarti kana maksud jeung tujuan anu dilisankeun.

Rupa-rupa biantara

1. Improptu,secara spontan teu make teks

2.Memoriter,ngapalikeun teks

3.Manuscript,ningali naskah

4.Ekstemporan,nyatet poin-poin penting

B. Nyangkem Struktur Biantara

Biantara téh umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi aya ogé anu ditulis tuluy dibacakeun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua baé, nyaéta aya bubuka, eusi, jeung aya bagian panutupna. 

    Dina bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku

salam kawilujengan. Aya ogé anu sok ditambahan ku sampurasun. Ti dinya ditéma ku mukadimah, kitu gé mungguh keur muslim, nyaéta bubuka anu dieusi ku omongan muji ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka Rosululloh (da mun ngabandungan urang Barat biantara mah geuning sok sarwa singget). Ti dinya ditéma deui ku nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara.

    Ari dina bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara. Contona, lamun biantara anu ditulis ku urang keur ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas IX, eusina bisa ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.

     Biantara dipungkas ku bagian panutup anu biasana ngawengku sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah. Tuluy ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantara. Ti dinya nepikeun du’a jeung

salam panutup.

    Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana teu salawasna kudu matok siga kitu. Sok aya biantara anu nyokot singgetna baé. Conto biantara di luhur, kaasup biantara anu nyokot singgetna baé. Geura urang imeutan deui conto omonganana:


Assalamu’alaikum wr. wb.,

Salam pamuka

Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam.

Solawat sinareng salam mugi dilimpahkeun ka

jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.

Mukadimah.

 Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring

 Ngahaturkeun

pangwilujeng ka nu

hadir.

 Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim

kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang

pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring

sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring

sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé

ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru...... jst.

 Eusi biantara.

 Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun

Bapa.... mung du’a anu ku sim kuring diteda

sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti

nangtayungan.

 Sanduk-sanduk

ménta dihampura

jeung nepikeun du’a.

 Wassalamu’alaikum wr. wb.,

 Salam panutup



C. Neuleuman Padika Biantara

    Biantara téh sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Naon sababna? Sabab, dina biantara téh sakapeung

merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik jalma réa nu ngabandunganana. 

    Aya sawatara faktor anu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balaréa. Éta faktor téh urang sebut baé T-A-M-A-N, singgetan tina:

    Tatag nyaritana Hartina dina nepikeun biantara téh urang kudu nyarita bari tatag atawa tétéla, henteu kararagok atawa loba ngarandeg.


Aktual témana

    Hartina téma biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi.

Munel eusina

    Hartina, biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.

Alus basana

    Biantara téh seni nyarita. Ku sabab kitu, basa nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah direumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogé ku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.

Ngandung wirahma

    Hartina, dina biantara téh omongan urang kudu diatur gancang

kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina

nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.



D. Nganalisis Téks Biantara
    Titénan deui biantara ieu di handap!


Assalamu’alaikum wr. wb.,
    Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. 
Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim
kuring.
    Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.
    Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun.
    Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. Éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna.
    Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan, ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring. Ku margi kitu, mugi Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring saparakanca.
    Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan. Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan.
    Bapa, Ibu…
    Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.
    Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.
Wassalamu’alaikum wr. wb.

E. Nepikeun Biantara
Hidep gé kudu diajar nepikeun biantara, ngarah wantér jeung paséh dina ngagunakeun basa Sunda.
Pék saurang-saurang nepikeun biantara di hareupeun babaturan.
    Urang bisa nyonto cara-cara batur nepikeun hiji
biantara. Utamana nyonto ka jalma-jalma anu salila ieu dianggap punjul nepikeun biantara. Éta jalma téh sok disebut orator. Di urang teu réa orator téh. Anu kawentar antarana baé Présidén Républik Indonésia anu munggaran,




Ir. Sukarno, K.H. A.F. Ghazali, jeung Abdullah Gymnnastiar,
di antara jalma anu alus dina biantara.
Sumber:


    Pék tepikeun biantara hidep. Sangkan biantara anu rék ditepikeun ku urang hadé jeung tartib, boh prakprakanana boh basana, alusna maké léngkah-léngkah kagiatanana ieu di handap.
  • Pilih topik/téma biantara anu aktual kalawan bébas. Cara milih topik bisa dititénan dina gambar ieu di handap:



  • Susun heula téksna, apalkeun, sarta engkéna ditepikeun dina biantara. 
  • Dina biantara urang kudu ngéstokeun unsur-unsur T-A-M-A-N. Upamana: seselan biantara urang ku babasan, paribasa, sisindiran, atawa kalimahkalimah pinilih (kata-kata mutiara). Kitu deui sangkan munel eusina, hadéna maké rujukan (referensi), bisa nyutat ayat Kur’an atawa hadis, bisa diémbohan ku data tina koran, majalah, atawa internét.
  •  Biantarana ulah panjang teuing. Mun bisa mah saeutik tapi patri. Durasina cukup 2-3 menit baé. Engké ditepikeun bagilir di hareupeun babaturan.
mari kita simak vidio dibawah materi tentang biantara
Sumber dari :
https://youtu.be/sx0FQCfTtQI

Sumber dari: https://youtu.be/FrqYaJnbpok

BAB II
PAGUNEMAN

    Paguneman téh obrolan antara dua jalma atawa leuwih. Sok disebut ogé guneman. Aya deui gunem catur, hartina ngobrol. Sipatna aya nu resmi, siga dina diskusi atawa sawala, aya ogé anu teu resmi siga urang ngobrol jeung indung bapa atawa jeung babaturan waktu keur ulin.
    Paguneman téh cara manusa ngayakeun komunikasi jeung nu lian. Nya dina paguneman urang bisa nembrakkeun pikiran, rasa, atawa kahayang. Tur ti batur, urang bisa apal kumaha pikiranana, rasana jeung kahayangna. Wacana paguneman lain baé kapanggih dina basa lisan, tapi ogé bisa kapanggih dina basa tulisan. Contona paguneman nu sok kabaca ku urang dina karya sastra atawa naskah drama.
    Dina ieu pangajaran urang bakal diajar rupaning perkara nu patali jeung paguneman. Di antarana basa jeung tatakrama dina paguneman, suasana paguneman, paguneman dina karya sastra, nyusun téks paguneman, sarta mintonkeun paguneman hareupeun babaturan.

A. Maca Téks Paguneman
    Ieu sawatara conto téks paguneman. Pék baca masing
gemet!
Paguneman ka-1
Kang Dadan : Damang, Bi?
Bi Téti : Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna,
kumaha wartosna?
Kang Dadan : Alhamdulillah abdi ogé. Nuju naon Bi Téti
di dieu?
Bi Téti : Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami, badé milari salédri. Nanging dugi ka ayeuna diantosantos tacan jebul kénéh baé. Ari Dadan,
nuju naon bet los-los ka pasar?
Kang Dadan : Nu mawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel sayur sop saurna.
Bi Téti : Kutan. Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah. Manawi pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan : Atuh urang sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana
tuang putra téh?
Bi Téti : Ih nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé hoyong reureuh Ibi téh, da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar.
Dadan : Euh, paingan atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang pilari.
Saha jenenganana?
Bi Téti : Namina Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig.
Kang Dadan : Insya Alloh dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula.
Bi Téti : Mangga. Nuhun nya, Dan.
Kang Dadan : Sawangsulna.




 Mimin : Assalamu’alaikum wr. wb. Sateuacanna sim kuring ngahaturkeun nuhun ka réréncangan 
anu parantos kersa ngaluuhan ieu sawala. Mugi-mugi ku hadirna  sadérék langkung seueur gagasan anu tiasa dikapayunkeun. Diskusi ayeuna téh badé madungdengkeun pancén pangajaran  basa Sunda kanggo kelom-pok urang anu dipasihkeun ku Ibu Guru. Saper-tos kauninga, kelompok urang téh kabagéan nganalisis puisi anu judulna “Aki jeung Balon” yasana Ami Raksanagara. Anu kedah didiskusikeun ku urang sadaya téh nyaéta naon témana, kumaha suasanana, sareng naon amanatna.
 Anu kahiji, urang diskusikeun heula témana. Manawi aya ti antara réréncangan anu tos gaduh gambaran, kira-kirana naon téma éta sajak téh?
Dindin : Ari numutkeun sim kuring mah, témana téh kahirupan aki￾aki tukang balon anu sok diheureuyan ku barudak. Éta aki￾aki téh pikaru-nyaeun pisan, tapi barudak téh kalah hayoh wé 
ngaheureuyan.
Umar : Hapunten, naon anu didugikeun ku Didin numutkeun sim kuring mah panjang teuing. Apan kalimah téma mah kedah 
singget.
Mimin : Muhun Din, cing langkung singget
Dindin : Kumaha upami kieu, témana téh nyaéta aki-aki tukang balon nu hirupna pikawatireun.
Susi : Ké, Din. Upami teu lepat mah sanés tukang balon Si Aki téh. Da apan di dinya aya kalimah “deudeuh teuing kasép di aki mah henteu aya, niupna gé aki mah geus teu kawasa”. Hartosna Si Aki téh teu kagungan balon. Upami badé ogé Si Aki téh tukang icalan kaulinan barudak.
Umar : Tah kitu, leres Susi.
Dindin : Muhun nya, hilap!
Mimin : Janten urang cindekkeun wé nya, témana téh “aki-aki tukang dagang kaulinan barudak anu hirupna pikawatireun”. Tah, ayeuna cing emutan deui kumaha suasana anu aya dina 
sajak “Aki jeung Balon” téh?
Umar : Numutkeun sim kuring mah pikasebeleun?
Susi : Naon anu pikasebeleun téh? Puguh pikawatireun, atanapi pikasediheun.
Umar : Éta barudak anu ngaheureuyan aki-aki, pikasebeleun apan. Terang tos sepuh Si Aki téh, kalah hayoh dilejokeun!
Mimin : Atuh éta mah teu ngawakilan suasana sajak. Manawi nu sanés aya kamandang?
Dindin : Sim kuring sapamadegan sareng Susi, upami teu pikawatireun suasanana téh pikasediheun.
Umar : Muhun atos wé duanana. Da kitu kanyataanana.
Mimin : Heug urang seratkeun duanana wé nya.

B. Nganalisis Paguneman
1. Resmi jeung Teu Resmi
Paguneman téh aya nu resmi jeung teu resmi. Éta téh gumantung kana suasana atawa kaayaanana. Contona, paguneman kahiji di luhur, antara tokoh Bi Téti jeng Kang Dadan, kagolong paguneman dina suasana anu teu resmi. Kang Dadan jeung Bi Téti téh tina omonganana mah geus  wanoh pisan. Silih sebut ngaran atawa nga-“abdi’-keun. Antara Bi Téti jeung Kang Dadan téh henteu ngarasa kagok deui keur ngobrolkeun perkara-perkara anu pribadi. Upamana, Bi Téti nyaritakeun soal anakna anu teu datang-datang, sarta ménta tulung ka Kang Dadan pikeun milu néangan. Dina situasi siga kitu, obrolan téh bisa ngalér ngidul, bisa sakarepna, tur teu kawatesanan ku aturan-aturan anu tangtu. Upamana teu diwatesanan ku waktu, ku jejer obrolan, atawa ku tempat di mana paguneman lumangsung. Ari dina paguneman kadua mah béda deui. Di dinya mah anu ngobrol téh salian ti silih sebut ngaran sorangan ogé nyebut dirina “sim kuring”. Ari sababna, dina paguneman kadua mah situasina téh rada formal atawa resmi, nyaéta sawala (diskusi). Dina sawala biasana kauger ku aturan-aturan, henteu sagawayah. Upamana kawatesanan ku waktu, kadang-kadang nu nyararitana ogé henteu salawasna silihpikawanoh, atawa kauger ku jejer obrolan. Dina situasi-situasi samodél kitu, biasana anu nyararita téh nyebut dirina “sim kuring”.Sangkan paham kecap gaganti jalma dina situasi anu teu resmi jeung resmi, titénan tabél ieu di handap:

Situasi

Gaganti jalma

kahiji

Gaganti jalma

kadua

Resmi

sim kuring

sadérék

pangersa

hadirin

para bapa/ibu

Teu resmi

Abdi

salira

Kuring

anjeun

Dewek

silaing

Urang

maneh

Ana

Anta/ente’

didieu

didinya

2. Undak-usuk Basa dina Paguneman
    Lantaran situasi deuih sakapeung nu paguneman téh kudu bisa milih-milih ragam basa anu digunakeun. Aya kalana ragam basana cohag atawa loma, aya kalana kudu maké ragam basa hormat atawa lemes. Dina paguneman kahiji, ragam basana téh lemes. Boh Bi Téti boh Kang Dadan dina nyarita téh ngagunakeun basa lemes. Aya basa lemes keur sorangan aya basa lemes keur ka batur. Bisa jadi antara
Bi Téti jeung Kang Dadan téh hayang silih hormat. Dina paguneman nu kadua mah béda deui. Nu
sawala téh maké ragam basa loma baé. Bisa jadi nu sawala.
téh ngarasa geus deukeut atawa nyobat, jadi teu asa-asa deui nyarita ku basa cohag. Éta gé gumantung kana situasina, henteu kurang-kurang anu nyarita dina sawala maké basa lemes lantaran hayang ngahormat ka batur.
    Dina paguneman nu maké ragam hormat, tangtu baé kudu niténan kekecapan nu luyu jeung aturan undak-usuk basa. Contona, dina paguneman kahiji Bi Téti nyebut anakna téh “pun anak”. Ari Dadan
nyebut anakna Bi Téti téh “tuang putra”. Cara milih kekecapan kitu téh diluyukeun jeung aturan undak usuk basa téa.  


C. Paguneman dina Karya Sastra
Réa ogé paguneman nu sok kapanggih dina karya sastra. Boh dina 
prosa, puisi, geus puguhing dina drama. Drama mah apan diwangun ku 
dialog-dialog (paguneman). Dina conto paguneman katilu di luhur, éta 
téh paguneman nu dicutat tina novel pondok “Lembur Singkur” antara 
adi lanceuk anu ngobrolkeun bapana nu majar tadi peuting datang ka imahna bari rerencepan. Naon pangna datangna téh rerencepan, hadéna 
hidep maca éta novel nepi ka tamat.
Paguneman siga kitu téh lumrah pisan dina prosa mah. Malah 
sakapeung kakuatan hiji carita téh tembong dina paguneman antara tokoh￾tokohna. Ngan baé paguneman dina karya sastra mah henteu ditulis siga 
conto paguneman kahiji jeung kadua. Ditulis maké paragraf-paragraf baé, 
sarta polana maké kalimah langsung nu ditandaan ku kekenteng (“…”). 
Kitu gé dina prosa, dina puisi jeung drama mah béda deui.
Ieu di handap sawatara conto séjén paguneman nu kapanggih dina 
karya sastra. Pék diskusikeun ku kelompok sarta pigawé pancénna!
1. Prosa
Srog rombongan Bapa Naib datang ka rumahsakit. Kasampak 
Suganda geus aya keur diuk dina bangku.
“Ih geuning Ujang! Kang Encu ieu Jang Ganda!”
“Iraha ka dieu, Jang?” ceuk Samsu.
“Tadi, nyubuh.”
“Geuning kamari teu béja-béja?”
Suganda teu némbal.
“Teu ka sakola?”
“Permios sadinten ieu.”
“Aya naon?”
“Badé diparios dokter.”
“Ku naon, gering?”
“Badé diala getih.”
Diala getih? Naha...?”
“Kanggo....”
“Keur Enéng?”
Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkun, nyekel taktak Suganda. 
Teu lémék teu nyarék. Ngan socana baé baseuh.
“Teu nyeri Jang, diala getih téh?” cek Si Édo sanggeus Bapa Naib 
ngajauhan.
“Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa.”
“Naha nya, maké dipariksa heula sagala...?”
“Bisi teu akur kapan?”
“Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain 
sarua getih jelema téh?” ceuk Si Édo bari ngarérét ka 
Bapa Naib, nu dirérét ngalieus semu éra, asa keukeuh baé 
kasindiran.
“Bisi teu akur golonganana… Pan aya golongan A, 
golongan B, golongan… naon deui …”
(Dicutat tina novel Payung Butut, karangan Ahmad Bakri, 
penerbit Rahmat Cijulang, taun 1991, kaca 73-74)
2. Puisi
Indung jeung Anak
Anak:
Ema naon eusi langit
jeung di mana tungtung langit
Katut béntang nu baranang
Indung:
Teu jauh ti dada ema
eusina napas jeung getih
béntang teu jauh ti ujang
Anak:
Ema saha nu boga langit
jeung béntang anu baranang
saha nu boga bulan
katut beurang jeung peutingna
Indung:
Kapan sagala nu ujang
paéh hirup anu ujang
(Dicutat tina buku kumpulan sajak Lalaki di Tegal Pati, karangan Sayudi, penerbit 
Rahmat Cijulang, taun 1983, kaca 16).
3. Drama
Judul : Ngalongok Babaturan
Tokoh: Fira, Rara, Dini
Ditulis : Kustian

Disakolaan..

Fira: (Bari ngomong na jero hate) enjing ieu tumben abdi teu ningali si dini, kamananya? Apa mereun manehna teu asup sakola, soalna tatadi teu katingalian sapotong-potong acan.

Keur kitu datang Rara..

Rara : Keur naon Fir?
Fira : Keur ngadagoan si dini yeuh!
Rara : Laina si dini keur geuring nya?

Fira : Ah piraku? Kamari abdi ka bumina, manehna teu kunanaon ah, katingali jagjag keneh!

Rara : Ih maneh mah teu percaya! Ieu kan surat izin-na bieu emina anu masihkeun ka abdi. Hayu geura urang tingali engkin uih sakola ka bumina.

Fira : Asiappp! Hayu, mumpung ayeuna teu aya les tambahan.

Rara : jam 4 nya, engke nyampeur ka bumi abdi hela.

Fira : ok !

Di bumi Rara..


Rara : heuy fir, maneh nyandak naon eta na keresek?

Fira : oh ieu, abdi nyandak buah ra, keur si dini, bisi hoyong buah-buahan.

Rara : Oh.. hayu atuh urang geura-giru ka bumina.

Fira : Hayu ..

Di Bumi dini..

Fira : Assalamualaikum.. Heuy, dini kumaha kaayaana tos mendingan teu acan?

Dini : Eh aya rara, jeung fira, mangga ka lebet, allhamdulilah ayeuna mah tos rada mendingan.

Rara : emang panyawatna naon din, asa kamari mah teu kunanaon ?

Dini : Puguh ge, ieu anemia, ra.

Fira : wah, pasti gara-gara sering kecape-an nya?

Dini : enya, muhun fir.

Fira : oh nya, ieu hilap, abdi nyandak buah-buahan.

Dini : wah, hatur nuhun nya?

Fira : enya sami-sami.

Rara : Mugia sing buru-buru cageurnya din, supaya urang bisa ameng deui.

Dini : muhun.

Rara : mangkana sing tereh cageur nya!

Dini : amin ra.

2 jam saterusna..

Fira : ya, ampun! Tos arek magrib, abdi kudu uwih heuka nya din.

Dini : oke ..

Rara : sami abdi oge, sieun si bapa neangan din.

Dini : oke oke, nuhunnya tos nyempetkeun ngalongok ka bumi.

Fira, Rara : Nya sami-sami

Sumber dari:
https://youtu.be/7cXW2ytGFvw


Sumber dari:
https://youtu.be/nGuNiSWmYhY

Pembelajaran bersumber dari:
http://www.librarypendidikan.com/2017/12/download-buku-siswa-bahasa-sunda.html?m=1
Daftar pustaka
http://blogbahasasunda2502.blogspot.com/
http://brainly.co.id/tugas/16777406



Komentar